Moeflich Hasbullah: Antologi Pemikiran

Kaawakan

leave a comment »

Moeflich Hasbullah

a

a

Kecap “kaawakan” mangrupakeun hiji falsafah urang Sunda nu jero tur pohara pentingna dina kahirupan. Kaawakan  hartina pas, klop, saimbang, saluyu atawa mantes jeung diri. Jalma nu kaawakan dina hiji perkara hartina pantes jeung bisa mawa diri, teu beurat sabeulah, teu cawérang, sajiwa. Merhatikeun kaawakan-henteuna penting pisan pikeun kontrol kahirupan. Manusa sakuduna ngalakukeun hiji perkara atawa miboga naon baé kudu kaawakan ku dirina. Mikahayang nu teu kaawakan bakal teu matut, teu mantes kana diri, cawérang, diseungseurikeun batur, euweuh ajrihna, kadituna mah cilaka ku pamolah sorangan. Hanjakalna, dina kahirupan sabudeureun urang, réa jalma mikahayang, miboga atawa nyandang nu sabenerna teu kaawakan ku dirina. Hasilna lain alus, tapi kalah kagoréngan diri, karasa boh teu karasa.

Mun urang peka ngalenyepan kahirupan, saéstuna bakal kasawang jalma-jalma nu kaawakan-henteuna dina rupa-rupa perkara. Aya jalma nu teu pantes maké mobil, pantesna maké motor. Mobil mah can kaawakan, komo nu alus. Sabalikna, aya nu teu kaawakan maké motor, pantesna make mobil. Aya deui jalma nu teu pantes beunghar, pantesna biasa-biasa. Ogé sabalikna, aya nu sangsara téh teu pantes, mantesna sugih, lantaran katingali tina sikep mental jeung tongkrongana, resep barang béré jeung babagi. Aya jalma nu kaawakan jadi doktor, loba ogé anu henteu. Nu kaawakan mah, kadoktorana téh katingali, ngajiwa kana dirinya, katingali academic attitude jeung integritasna, nyaritana elmu waé, diakui karyana, katempo wawasan jeung percaya dirina. Sabalikna, nu teu kaawakan mah, gelar doktorna saukur formalitas, teu mawa pangaruh kana ajrih dirina, batur hormat lain ku élmuna tapi pédah saluhureun weh.

Aya deui jalma nu teu pantes pamajikana hiji, pantesna téh dua, da kaawakan pisan. Kapamingpinana alus, wiwaha-komarana aya, sikepna adil, rejekina bru dijuru bro di panto. Sabalikna, loba nu teu pantes, euweuh cupat jeung teu kaawakan poligami. Dina boga nu ngora gé, katingali ngan saukur ngajurung napsu. Cirina, diomong-omong, ditémbong-témbong, jadi kabanggan bari can tangtu bener ngalakonana saluyu jeung saréat agama. Obrolana cawokah, nu diomongkeuna saukur kageulisan jeung bahenol-nerkomna. Lantaran teu kaawakan téa, kadituna téh riweuh wéh, loba dodoja jeung masalah, jajauheun tina kesenangan jeung kabagjaan rumah tangga.  Aya deui jalma nu pantesna jadi pamingpin, teu pantes jadi rahayat. Loba nu teu pantes jadi pejabat, pantesna jadi stap atawa bawahan malahan jongos, da beungeutna ge beunget titaheun. Cirina, nalika jadi pejabat lain mawa alus kadirina, kalah jadi masalah. Sabab maksakeun bari teu mampuh, ngaheulakeun gaya. Ku batur teu dipaliré, teu dihormat, kalah loba kagoréngan nu kabuka, kanyaohan kualitas aslina, ragrag harga dirina. Nu kitu artina teu kaaawakan jadi jalma jegud.

Aya jalma mibanda mobil alus, barangna mahal, duitna loba. Tapi, nu kadéngé kalah omongan batur: “Asa ku teu pantes si eta jadi jalma beunghar.” Omongan kitu téh lantaran meureun sok kadéngé jeung katingali, sikep jeung ucapan sapopoéna teu némbongkeun kaajrihan jalma beunghar: penampilan jeung omongan teu nyambung, degdegan awakna teu ngadukung, sikep méntalna jalma sangsara, teu ngarti kana téknologi alias gapték. Komo bari tara barang béré, (mérégéhésé alias korét cap jahé), dipéntaan pedit, kajeun méré itungan, kana barang lebaran. Teu katingali jeung karasa ku batur kabeungharana teh.

Aya deui nu teu kaawakan dina élmu. Sakolana luhur, malah gelarna profésor doktor. Ngan, batur nyangcayakeun, asa teu pantes, asa cawérang da élmu jeung kapinterana teu katingali. Semu nu kagét nanya: “Si bapa éta geus profésor? Piraku? Profésor naon cenah?” Omongan kitu téh saéstuna ukuran yén bisa jadi memang teu pantes. Pan ari doktor, komo profésor mah, élmuna kudu kadéngé, sikep kritisna kudu katingali, gagasana réa, ngomongna sistimatis alias teu pabaliut teu kaharti, batur réang ngawakcakeun buku jeung tulisana. Kitu deui ngeunaan jabatan. Aya jalma nu ceuk haréwos bojong, asa teu pantes si Astahiam jadi pejabat atawa pamingpin. Caritaanana teu jiga pamingpin, kamampuan teu katingali, loba kasieun, ku bawahan diléléwé, disentég murungkut, teu boga kategasan jrrd.

Sagala rupa dina kahirupan kudu kaawakan, kudu saluyu jeung diri, kudu mantes, nyetél, ngajiwa, jejeg, karasa wiwaha tur komarana. Lain ku dasi, mobil, atawa omongan nu diatur-atur, tapi dina kecap, integritas jeung sikep méntal. Nyandang nu teu kaawakan dina perkara naon baé kalah ngaririweuh diri, cawérang karasa jeung katingalina. Mun urang maké falsafah ”kaawakan” dina sagala urusan bakal bérés tah kahirupan teh. Diri ajeg, panceg jeung dihormat ku batur, mawa ajrih jeung wiwaha. Carana urang nyaho kaawakeun-henteuna hiji perkara nyaéta kucara ngahirupkeun haté: loba merenung, ngukur diri alias introspéksi jeung loba narima naséhat.[]

Cindekna, nulis basa Sunda teh gening ngésang, alabatan basa deungeun. Pasti loba nu teu mernah mah. Maklum keur diajar kener. Lenyepan mah eusina wéh nya! Pan inti bahasa teh komunikasi lin? Mun kaharti artina nyambung, kitu we lah!!

Salam séréh jajampéan, ulah nyéréngéh mun loba kasalahan.
Cag.

Written by Moeflich

16/01/2011 at 1:30 pm

Posted in Refleksi

Leave a Reply

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Change )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Change )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Change )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Change )

Connecting to %s

%d bloggers like this: